Contoh Naskah Pidato Bahasa Sunda - Perpisahan Sekolah

Bismilaahirrohmanir rohim,
Assalaamualaikum wr. wb.

Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina ieu acara. Hapunten anu kasuhun, saupami dina ieu biantara aya pisanggem anu kirang merenah, boh basana boh tatakramana.

Bapa Kapala Sakola miwah Bapa sareng Ibu Guru,
Kitu deui sakumna réréncangan sakola sadaya anu dipikacinta,
Dinten ieu, dina raraga paturay tineung murid kelas genep/salapan/dua belas, tipayun mangga urang sasarengan nyanggakeunkeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci, réh maparinan taufik sareng hidayah-Na, dugi ka danget ieu urang sadaya aya dina séhat wal afiat. Pamugi ku kasumpingan urang sadaya kénging ridho ti Alloh SWT.
Solawat sinareng kasalametan mugia dilélérkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW., ku jasa mantenna anu parantos maparin patwa ka urang sadaya dugi ka terang mana anu haq sareng mana anu bathil. Mugia urang sadaya kalebet umat anu taat kana ajaran mantenna.

Bapa sareng Ibu Guru,sareng réréncangan sakola sadaya anu dipikacinta,
Sim kuring atas nami wakil murid kelas genep/salapan/dua belas, seja ngadugikeun katineung, kedal lisan dina raraga paturay tineung. Bapa sinareng ibu guru anu dipikacinta, cunduk waktu ninggang mangsa, tilu taun teu karaos sim kuring saparakanca diatik dididik sagalaning elmu pangaweruh anu teu kinten seueurna jasa bapa miwah ibu guru sadaya. Sim kuring sadar yén salami tilu taun tos tinangtos seueur ngalakukeun hal-hal anu matak musingkeun sareng pikakeuheuleun. Kumargi sakitu, sim kuring saparakanca seja neda sih hapuntenna tina samudayaning kalepatan.

Kalih ti éta sim kuring saparakanca seja neda pidua ka bapa, ibu guru supados tiasa neraskeun diajar ka sakola nu langkung luhur. Teu hilap ka adi-adi sadaya nu masih kénéh aya di bangku sakola ti kelas tujuh dugi ka kelas dalapan , mugi sing getol diajar, sareng sing taat kana piwuruk bapa sareng ibu guru.

Bapa, ibu guru, sadaya nu sami hadir nu dipikacinta.
Sakitu katineung ti sim kuring, kirang langkungna hapunten anu kasuhun.
Wabillahi taufik walhidayah

Wassalaamu alaikum wr. wb.

Contoh Naskah Pidato Bahasa Sunda - Perpisahan Sekolah, Ini adalah contoh teks pidato bhs sunda perpisahan sekolah, pidato bahasa sunda perpisahan sekolah SD, pidato sunda perpisahan SMP, pidato perpisahan SMA bahasa sunda. contoh Naskah pidato sunda tentang perpisahan sekolah ini ditulis sebagai bahan referensi untuk anda yang ingin menulis teks pidato berbahasa sunda dengan tema perpisahan sekolah, untuk keperluan tugas sekolah atau yang lainya, Berikut Naskah pidato sunda - perpisahan sekolah seperti dibawah ini.

Semoga contoh teks naskah "pidato sunda - perpisahan sekolah" di atas dapat membantu dan mempermudah anda sekalian dalam menulis dan mengerjakan tugas, tugas sekolah dan lainya. Mohon maaf apabila ada kekurangan dalam penulisan contoh teks pidato perpisahan sekolah bahasa sunda ini. Good Luck !.

PrevPidato Bahasa Sunda Singkat - Tentang Kebesihan