Contoh Naskah Pidato Bahasa Sunda - Hari Pendidikan Nasional

Assalamu’alaikum Wr Wb

 Puji sinareng syukur hayu urang sanggakeun ka kahidarat allah swt nu parantos masihanmangrebu-rebu nikmat, nikmat islam, nikmat iman , sareng nikmat sehat. Teu hilap salawat sarengsalam hayu urang haturkeun ka Nabi agung, Nabi Muhammad SAW ka kulawargana, kasobatna tug mugika urang salaku umatna. Ammin ya rabbal alaamin.

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat. Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasapatepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontalsagala anu dipimaksad. Ammin.

Maksad sim kuring di ieu tempat teh bade nerangkeun hiji materi anu temana tentang beasiswanu ayeuna nuju resep-resepna dijadikeun bahan obrolan tiap-tiap siswa SMAN 2 Kuningan, khususnakelas XII anu bade ngalanjutkeun kana perguruan tinggi. Beasiswa teh nyaeta dana atawa fasilitas anudipasihan ku pamarentah atawa aya deui anu dipasihan ku instansi-instansi sejenna anu gunana pikeunngabantu urang dina dana administrasi kuliah. Aya oge beasiswa anu dipasihan ka siswa atawa mahasiswa ku negara sejen tapi persyaratanna urang kudu aya kahayang dina diajar bahasa negarana.

Kunaon sim kuring di ieu kasempetan ngulas masalah besiswa ? Ku sabab kelas XII ayeuna tehgeus ngagaduhan titel ISO jadi urang sadaya teh kudu ngabuktikeun kumaha kaayaan jeung kemampuanurang di dunia nasional jeung dunia internasional. Contona bae SMAN 2 Cirebon anu parantosngagaduhan titel ISO leuwih awal ti SMAN 2 Kuningan, tiap taun ngirimkeun sababaraha muridnakanggo ngalanjutkeun studi atawa ngalanjutken perguruan tinggina di luar negri. Urang sadaya teh tongsampe katinggaleun, kudu tiasa ngejar tong sampe jadi sakola anu katinggaleun sagala informasi jeungteknologi na.

Alhamdulillah saminggu katukang sim kuring nerima hiji informasi nyaeta 3 siswa SMANDAmeunang beasiswa ti tilu negara anu eusi beasiswana nyaeta ngalanjutken kuliah 4 tahun jeung sagalabiayana ditanggung ku negara pengirim beasiswa. Tilu siswa eta teh nyaeta ; Adam Maulanaditawarkeun beasiswa kanggo ngalanjutkeun ka Australia, Moh. Enjom ditawarkeun beasiswa kanggongalanjutkeun di Ethiopia, sareng nu terakhir nyaeta Rizki Puji Gustian ditawarkeun beasiswa kanggongalanjutkeun di Jepang.

Ku kituna semoga hiji hal ieu teh tiasa dijadikeun motivasi kanggo ngejar cita-cita urang. Mungsakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya carita anu teu genah didangu, bilih aya cariosan anu teumernah dina manah, neda dihapunteun. Da sadaya kasaen eta datangna ti gusti Allah jeung kasalahaneta ti sim kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun dihapunteun.

Wassalamualaikum Wr Wb

Teks Pidato Bahasa Sunda - Hari Pendidikan Nasional  atau biasa disebut dengan pidato bahasa sunda Harpitnas Ini adalah contoh teks pidato bhs sunda bertemakan hari pendidikan nasional, pidato sunda  pendidikan nasional ini ditulis sebagai bahan referensi untuk anda yang ingin menulis teks pidato berbahasa sunda dengan tema pendidikan nasional untuk keperluan tugas - tugas sekolah atau yang lainya, Berikut contoh pidato sunda - tentang pendidikan nasional singkat seperti dibawah ini.
Semoga contoh teks naskah "pidato sunda - hari pendidikan nasional" di atas dapat membantu dan mempermudah anda sekalian dalam menulis dan mengerjakan tugas, tugas sekolah dan lainya. Mohon maaf apabila ada kekurangan dalam penulisan contoh pidato pendidikan nasional dengan bahasa sunda ini. Semoga bermanfaat. Good Luck !

Prev - Contoh Naskah Pidato Bahasa Sunda - Tentang Pendidikan Singka